Rabu, 18 Mei 2011

si kabayan ngawas ujian

duka timana alesanna si kabayan meunang tugas ngawas ujian barudak SMP.. singketna carita nalika keur ujian matematika di ruangan anu simpe jempling teu kadenge sora jangkrik-jangkrik acan…. na ari peledek teh bau hitut… bau anu bener-bener bau…. atuh para siswa teh jadi rame pada nutup irungna masing-masing….  ngan si kabayan nu teu nutup irung teh da rumasa meureun….  supaya ulah kapanggih si kabayan akhirna nyarita bari jiga anu rada nyentak…”siapa ieu teh yang teu sopan …hitut di dalem ruangan ujian…”
para siswa pada saling tuduhkeun ka babaturanna bari heureuy….  akhirna si kabayan nyarita kieu “..ehem… adek-adek… bapa apal siapah diantara aranjeun yang hitut…. dan bapa akan kasih tau jawaban soal ujian jika aya anu ngaku hitut….”
na atuh ari cung teh kabeh pada ngaku hitut…abdi pa….abdi pa…saya pa…


di attarbiyah aya teu nya? ha..ha..ha

Tidak ada komentar:

Posting Komentar