Rabu, 18 Mei 2011

sajarah kumis ceuk si kabayan

si kabayan di tanya ku budakna si encid, ngeunaan naha kumis nu aya di jelema bet beda-beda… si kabayan saperti biasa ngajelaskeun ka si encid sa balang-bentor asal si encid ngarti bae… obrolanna kieu geura…
“bah… naha nya urang sunda kumisna bet beda jeung urang arab….”
“oooh… cid eta teh aya caritana….”
“kumaha kitu bah caritana teh…”
“kieu geura…” ceuk si kabayan bari memener diukna supaya katinggali jiga jelema pinter…
” cid… baheula teh kabeh jelema teu boga kumis… tah aya beja yen jatah kumis nu di ancokeun jang jelema teh aya di hiji tempat. atuh di utus wakil ti tiap bangsa nu bakal nyobaan eta cai pi-kumiseun, supaya jadi katurunan nu di turunkeun ka anak incu jeung saterusna… tapi saratna eta cai pi-kumiseun teh ngan aya sa ember deui, nu bisa di cokot waktu ka subuhnakeun…”
si encid mani nangoh-nangoh ka bapana hayang nyaho carita saterusna….
“tah kacaritakeun dina waktu subuh… nu pangheulana datang teh nya urang sunda nu di wakilan ku si jampang… kulantaran datangna pangheulana atuh cai teh loba keneh, tapi si jampang ngan nyokot cai pi-kumiseun teh ngan jang kumis…sot ramo-na di anclumkeun kana cai terus di usapkeun kana luhureun biwir… matak cid, tuh tinggali urang sunda mah paling loba ngan ngukut kumis nepi ka ayeuna…. “
“terus bah pan loba keneh cai teh…”
” heu-euh teu lila ti si jampang torojol urang arab… manehna datangna teh rurusuhan jiganamah, pedah rusuh jeung can sholat meureun.. waktu ninggali aya cai ujug-ujug gyur…. weh si cai teh di pake mandi…. matak urang arab mah nepi ka ayeuna buluna ti sirah nepi ka indung suku pasti loba buluna….”
si encid unggut-unggutan…
“tah ka beurangnakeun datang utusan ti cina… manehna datangna ka pandeurian lantaran kudu beberes heula di warung jiganamah… waktu datang ka tempat cai tea atuh geus biak da di pake mandi ku si arab tea, nu aya teh tinggal sesa-sesa cai tina ember… manehna kesel jeung sedih … mani tega si arab cenah… atuh ngan hing bae ceurik si cina teh bari ngusapkeun sesa cai kana biwirna, tapi kulantaran caina tinggal sa kec-lak atuh si cai pi-kumiseunteh ngan bisa narep tina tungtung biwir… tah ti harita, urang cina mah kumisna ngan aya tina sisi biwir kajeun di panjangkeun oge angger moal ngalegaan… manjanganmah pasti…”
si encid unggut-unggutan…
” tah nu datang panungtun, nyaeta urang afrika… waktu ninggali cai tina ember beak, manehna ninggali cai  geus campur jeung taneuh da dipake mandi ku si arab tea… teu loba pikir ngan gulitik-gulitik bae manehna gugulitikan dina taneuh bari sirah di taplokeun taneuh di puter-puter…. tah cid matak ti harita urang afrika mah awakna hideung jeung buukna galing da urut gugulingan dina taneuh…. kumaha ngarti cid….”
si encid unggut-unggutan bari dina hatena ngagerentes yen si bapa bener-bener jelema pinter jeung sagala nyaho…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar