Rabu, 18 Mei 2011

si kabayan neangan konci

si kabayan dina hiji peuting kaluar ti imahna bari di harudum sarung, si iteung kaget bari reuwas naha aya naon da tara ti sasari biasana mah si kabayan lamun he-es teh tara inget bumi alam. di luar kasampak si kabayan jiga anu neangan “sesuatu” bari dodongkoan jeung tunggkul….
“akang neangan naon atuh manehna teh..” si iteung nanya bari nyampeurkeun. sikabayan anteng teu nembalan bari tetep tuang- teang kana taneuh.
“aya naon iteung…. kabayan, peuting-peuting kieu ngadon di luar..” ceuk mitoha si kabayan asa kaganggu meureun ku sora gerendeng si iteung waktu nanya salakina.
“eh abah, duka teuing bah eta kang kabayan ujug-ujug kaluar bari teuing neangan nanahaon mani jiga nu penting pisan…” si iteung ngajawab
“kabayan maneh teh keur neangan naon hah…?”si abah nanya
“ehm… ieu bah, abdi teh keur neangan konci lomari…”
” naha konci lomari nu mana akang…” si iteung nanya bari kerung
“make nu-mana sagala, naha urang boga lomari sabara hiji…”
“apan ti-tatadi aya ngagantung tina liangna..”
“heu-euh waktu akang rek ganti baju eta konci teh murag….”
“ari muragna di mana…?”
“nya di jero ari maneh iteung jiga anu lieur manehmah…” si kabayan muncereng ka si iteung
“har naha atuh ari murag di jero imah mah make neangan konci di luar imah sagala…!”
“ehm…iteung-iteung maneh mah dasar o-on apan nyaho di jeromah poek neangan oge moal katinggali, nya kuring neangan di dieu di luar anu keur caang bulan sugan bae katinggali koncina….”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar