Rabu, 18 Mei 2011

si kabayan hayang bener

si kabayan jeung si iteung sapuk rehna pentingna kasopanan dina kahirupan sapopoe, duanana arek nerapkeun sikep jeung perilaku kaasup ngomong anu lemes( alias teu kasar) nu hade pikeun picontoeun anakna. sarerea  kudu ngiluan kaasup si encid budakna anu karek umur 6 taun.
dina hiji poe nu ngamimitian program,
“akang…. encid…. geura tuang geura…” si iteung bari ngagupay anak jeung bapa
“hayu cid urang dahar…..” kabayan mairan
“his akang…. teu kenging eta teh, anu leresmah geura tuang….”
“enyalah….. hayu tuaaaaaaaaaang….”
“tong di heureuykeun ayuh… sok akang sing raos nya tuangna….” iteung bari ngasongkeun piring
“hatur nuhun nyai iteung bojo akang anu bageur….” si kabayan bari jiga anu ngalelewe
“encid anaking sing seueurnya tuangnanya……”
si encid culang-cileung teu ngarti
“akang bade sareng naon rencang sanguna…”
“ah biasa wae karesep akang… eta mastaka peda mani atos gugupay ka akang…”
“nya mangga atuh…. iteung mah sareng dampal sampean hayam bae… dupi encid anaking hoyong sareng naon cu…?”
si encid culang-cileung teu ngartieun keneh
“iteung bojo akang, maenya teu terang kasenengan putra urang… apan biasanage ping…eh sampean hayam lebah luhur sanes….”
“oh…muhunnya…. ieu kasep sok geura tuang…”
 ”ma….bah…. encid nyeri beuteung….” si encid bari nyekelan beuteungna
“his… lepat kasep…. teu damang patuangan kituh….” si iteung langsung nempas
“aduh ema encid hayang hitut….”
“eeeh lepat deui bae…. bo-bos nya….” si iteung bari  ngahuap sangu jeung sapurantina
si encid geus kaluar kesang badag kesang leutik nahan kanyeri dina beuteungna nu akhirna geus teu kuat deui ngan …breettt…..treeet…treeet…bruuut…. kabeh eusina kaluar di barengan bau anu kabeh pada apal…
si kabayan jeung si iteung silih reret…. jol nyel bae keuheul….
“iteung…ari maneh cicing bae itu budak muncrut deuleu…” si kabayan kitu na teh bari nyentak keuheul
“nyaho budak muncrut, manehna ngadon nenjo bae…..”si iteung embung eleh
“eu-euh jadi teu hayang daharna ge… mangkaning hulu peda….” si kabayan mani ngalenggis…
“gandeng siah….cid hayu ka cai…” si iteung bari ngagusur si encid
“ma….patuangan encid nuju teu damang nya….”si encid bari jeung tetep teu ngarti

nb: rencana nerapkeun program si kabayan jeung si iteung gatot alias gagal total…haha

Tidak ada komentar:

Posting Komentar